Wednesday, December 19, 2012

Naskah Hutbah b.sunda




Naskah Khutbah

Marhaban Ya Ramadhan

Assalamualaikum wr.wb
            Muji sukur ka hadirat Allah SWT, sabab ayeuna urang sadaya tiasa kumpul di ieu masjid kanggo ngajalankeun ibadah shalat sunnah tarawih. Shalawat sarta salam mugia dugi ka jungjunan urang sadaya nyaeta Nabi besar Muhammad SAW, ka para sahabatna dugi urang sadaya na.
            Hadirin nu sim kuring di pihormat
            Urang teh kudu bungah dina datang na bulan Ramadhan ieu teh sabab bulan Ramadhan teh urang ngalaksanakeun rukun islam anu ka 4 nyaeta puasa, sareng di bulan Ramadhan ieu teh sadaya amal ibadah teh pahala di kali lipatkeun di bandingkeun di bulan anu sanesna. Di bulan Ramadhan oge aya paristiwa penting nyaeta di turun keun na kitab suci Al quran dina tanggal 17 Ramadhan anu biasa urang sebut Nuzulul Quran jeung dina 10 poe terakhir aya hiji malam anu mun urang ngalaksanakeun ibadah di poe peuting pahala na satara urang ngalaksanakeun ibadah salama 1000 bulan anu sok di sebut malam lailatul qadar. Sungguh sayang sekali lamun urang heunteu ngalakukeun ibadah di bulan ramadhan ieu.  Mugia cekap sakieu hutbah ti sim kuring ayeuna abdi ngajak ka sadaya jamaah kanggo ngadua sasarengan ka Allah. Tos rengse ngadua di lanjutkeun shalat tarawih.

Wassalamualaikum wr wb

No comments:

Post a Comment