Assalamualikum
wr.wb
Bapa Guru
pangajar anu dipihormat,
Sarta
Rerencangan sadaya anu dipikareueus,
Langkung
tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu
parantos masihan mangpirang-pirang ni’mat ka urang sadaya, utamina ni’mat sehat
sahingga urang sadaya tiasa kempel di kelas ieu. Teu hilap solawat sinareng
salam hayu urang panjatkeun ka junjungan urang sadaya Muhammad SAW ka
kulawargina, para sohabatna, sarta urang salaku umatna dugi ka akhir jaman,
aamiin.
Kuring ngadeg didieu teu aya lain nyaeta
bade ngadugikeun biantara nu eusina ngeunaan Ngawanohkeun diri. Wasta pun Muhammad
Al Kahfi padumukan di jalan cikutra gang sekepondok 3 nomor 26 B. Tempat ping
di babarkeun Bandung 18 Mei 1998 karesep Abdi teh nyaeta maen badminton jeung
maen komputer. Abdi boga motto hirup nyaeta Sukses dunya
jeung akherat aamiin.
Dupi mung
sakieu nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kasalahan aya kata kata anu
magut kanu ati. Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kasalahan datang na
ti diri abdi nyalira. Mugi mugi biantara kuring ieu mangpaat kangge sadayana..
Wassalamualikum
wr.wb
No comments:
Post a Comment